Jalak (original) (raw)
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jalak mangrupa manuk ti suku Sturnidae nyaéta ngaran sakelompok manuk nu miboga sora alus, umumna ukuran awakna sedeng (kira-kira 20–25 cm), gagah jeung pamatuk nu kuat, seukeut sarta lempeng.[1] Sukuna panjang sabanding jeung awakna, sorana ribut jeung tarik, kadang-kadang bisa nurutan sora manuk séjénna.[1] Di alam, manuk ieu lolobana miboga sayang diliang-liang tangkal.[1] Manuk jalak umumna babari pisan lindeukna, dina jero kandan, manuk ieu teu daék cicinng, resepna hihiberan jeung disada.[1] ku sabab éta, ngukut manuk ieu biasana miboga tujuan pikeun ngalatih manuk séjéna disada kawas manuk Jalak.[2]
Ngadahar ampir sakabéh jenis kadaharan, utamana mangrupa voer, cau, kroto, jeung jangkrik.[1][2]
Hésé pisan ngabedakeun nu mana jalu jeung bikang, tapi biasana mah dilakukeun pamariksaan daérah kloaka.[1] Jalak nu jalu biasana miboga bagian kloaka nu leuwih gedé.[1]
Aya leuwih ti 25 spesies jalak, nyaéta perlingjeung beo, di sakuliah Indonesia.[1] Sababaraha jenis jalak nu ilahar dikukut ku manusa, nyaéta:[1][2]
- Jalak suren (Sturnus contra)[1]
- Jalak bodas (S. melanopterus)[1]
- Jalak bali (Leucopsar rothschildi)[1]
- Jalak munding atau Kerak kerbau (Acridotheres javanicus).[1]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
---|
- ↑ a b c d e f g h i j k l m "Jenis-Jenis Burung Jalak Beserta Penjelasan Lengkap Dengan Gambar – Flora dan Fauna". www.faunadanflora.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-12-27.
- ↑ a b c "Mengetahui Jenis Burung Jalak". Situs Burung. http://www.bird234.com/2017/11/mengetahui-jenis-burung-jalak.html. Diakses pada 2017-12-27 [_tumbu nonaktif_]